Rabu, 30 Maret 2016

Lirik Foudy - Lelesaheun

Lirik Foudy - Lelesaheun

.

Lepas deui, Lesot deui
Papacangan teu nepi ka bale nyungcung
Ganti deui, Anyar deui
Bebende teh teu weleh di rebut deungeun
jeung deuih teuing kumaha
gogodana estu nu mang rupa rupa
wanoja jiga nu katarik ati
rek di lamar bedo deui, bedo deui .

Rap :
kuring hiji jelema anu teu ngarti
naha atuh nu mawa sialna diri
ceuk paribasana
beungeut na nganjuk
rupa teu menta,
tapi mineung di kakaya
dina pendidikan kuring boga
komo deui tiheula mah kuring sarjana
dina sampe rupa kuring oge hade
hanjakalna kuring encan boga gawe
jadi camer teh heunteu merean
lamun budakna ku kuring di deukeutan meureun kudu di bageuran mun nganjang rek babawaan.

Lepas deui, Lesot deui
papacangan teu nepi ka bale nyungcung
Kanu jangkung, kanu lenjang
sing horeng teh
ceunah kuring lelesaheun
jeung deuih teuing kumaha
gogodana estu nu mang rupa rupa
cinta miuni manuk japati
ciga lindeuk rek tewak hibeur deui .

Rap :
Dina pendidikan kuring boga komo deui tiheula mah kuring sarjana
dina sampe rupa oge hade
hanjakalna kuring encan boga gawe

Mendingan, Mendingan
kuring rek pasrah
Sumerah, Sumerah ka gusti Allah
moal nepikeun ka hariwang,hariwang
jodo kagungan pangeran
Mun waktuna pas datang
jodo kagungan pangeran
moal nepi hariwang . Tahh

Lepas deui , Lesot Deui
Papacangan teu neupi ka bale nyungcung
Ganti Deui, Anyar Deui
Bebende teh teu weuleh di reubut deungeun
jeung deuih teuing kumaha
gogodana estu nu mang rupa rupa
wanoja ciga nu katarik ati
rek di lamar bedo deui, bedo deui

Lepas Deui, Lesot Deui
Papacangan teuneupi ka bale nyungcung
Kanu Jangkung, Kanu Lenjang
sing horeng teh ceunah kuring lelesaheun
jeung deuih teuing kumaha
gogodana estu nu mang rupa rupa

cinta miuni manuk japati
ciga lindeuk rek di tewak hibeur deui 2x

.

.


.

Follow Sayah Di :

Facebook || Twitter || Instagram

Tidak ada komentar:

Posting Komentar