Rabu, 30 Maret 2016

Lirik Sundanis Ft Siliwangi Squad - Ngabuburit

Lirik Sundanis Ft Siliwangi Squad - Ngabuburit

#Sundanis#
Hayu Urang Ngabuburit, Ngantosan Buka
Kade Ulah Sok Kabawa, Sakaba-Kaba
Di Luar Loba Gogoda Nu Mang Rupa-rupa
Kade Omat Ulah Nepi Batal Puasa

Ugah Obo Tabuh 7, Tapi soca masih tunduh
Biasana enjing-enjing sarapan kupat tahu
Siduru di hawu bari nyuruput susu
Bala-bala , Comro , surabi eujeung gehu
Tapi ayeuna mah saum ukur ngantos waktu

#SiliwangiSquad
Tapi naha jaman ni asa lila pisan
Sugan teh geus lohor geuning karek jam dalapan
Jajauheun ka magrib, lohor ge geuning acan
Kudu siap mental ngalawan sagala godaan

Ngabuburit ka kota, loba nu matak kabita
Ninggali tukang batagor jeung e,e,e,es kalapa

# Uih Deui Ka Bait Mimiti #Sundanis #

#SiliwangiSquad
Yu Barudak hayu urang puasa
Urang ramekeun puasa tong loba nu karasa
Ngabuburit ti isuk nepi ka bedug
Lobakeun sedeukah meh hirup urang berkah

Kade ah ulah hilap Komo bari calangap
Nempo eta tukang sirop aduh meni mantap
Ieu teh bulan puasa pasti loba gogoda
Ti mulai bala-bala nepikeun ka randa ngora
Waktu nunjukeun karek bedug lohor
Tapi naha ieu beuteung kuring geus geugeudor
Lamun jalan² gogoda ngagupaian
Mending tadarusan bari loba babacaan

Ngabuburit ngantosan buka
Abang seungit, haraseum cuka
Tiasa seuri ayeuna manyun
Beuteung nyeuri bari ngalamun

Sakeudap ah tahan saeutik
Piraku eleh ku budak leutik
Tos adan magrib karek mah bebas
Mangga sanguan sambel jeung gula

Memang dina bulan, dina bulan ramadan
Waktuna urang di ajar nahan kamaksiatan
Rupa rupa cobaan, rupa rupa godaan
Nu datangna ti setan
Taya lian tengtengna
Hate urang ku iman, elmu pangarti nu luhung
Keur beukeul kahirupan, kahirupan akherat jaga
Nu jadi sampeureun ka hareupna keur urang .. Ya .. Ya .. Ya..

# Uih Deui Ka Bait Mimiti #

Ngabuburit , ngangge motor kiridit
Di udak ku kolektor aduh, nepi ka jeupit
Yeuh baraya sapara kanca
Bulan puasa sok kamarana?
Abi atuh ngiring aa , hoyong naek motor ninja

Tah dangukeun ieu lagu
Ti batan garing eta huntu
Kana ngabatalan tong aya nafsu
Sangkan cumpon nu jadi pardu

Bangun nikmat siang ieu
Liliwet paduduan
Dugi ka hilap ieu teh bulan ramadan

Tina bulan puasa loba pisan godaan
Kudu bisa kuat kana kaimanan

Tah akhirna bedug magrib geus disada
Yu hayu geuwat balik
Hayu geura buka

Solat magrib kade ulah dugi kalangkung
Berjamaah di masigit bari milari nu jangkung

Yu hayu hayu batur
Nu di kota nu di lembur
Dangukeun ieu laguna
Mugi tamat puasana

# Uihan deui ka bait mimiti #
.

.

.
Lirik Sesuai Pendengaran #NurlyYogi .. jika banyak kesalahan harap di maklum

Untuk Lebih Jelasnya Beli Kaset n CD yg Asli .. :)

Haturnuhun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar