Kamis, 31 Maret 2016

Lirik Sundanis Ft Foudy - Asal Oyag

Lirik Sundanis Ft Foudy - Asal Oyag

.

( Ey yo ) di cek di cek
( ahh ) Di Cek mic na
( yo ) , Di Cek soundna
atos siap can nyaaa ??

O a o a o  asal oyag 3x
( Ou )  asal oyag ( Hey ) asal oyag

Sampurasun ka kulawargi sadayana
Masih emut ka simkuring
ceunah nu ngaret tea
Kareuseupna ngangge topi
acuk gomrang sagala
Ceunah mah reuseupna gaya hip-hop jaman baheula

Teu aya nu percanten umur kuring dua geuneup
Teu katinggal lantaran pamenteu na ge masih tetep
Saur saha teu payu istri ge seueur nu reuseup
Aranjeun weh eta mah anu teu payu
( heup heup)

Ayeuna tos kasohor
nyiuk cai ulah bocor
Kasasaha kudu asor
ulah jadi jalma molor
Kade ulah porenges
lamun hirup hoyong sukses
Bilih eungke aya nu nyemes
jalma ayeuna taya nu beres

Bade shoping (asal oyag)
Bade kuliner (asal oyag)
Bade tamasya (asal oyag)
Bade ngalamar (kudu oyag)

Yeuh dangukeun, dangukeun carita carita kadua lalakon kaula
nyaeta pamuda di tatar sunda
anu boga keneh Seni jeung budayana

Reff 2x
Ou a o a o asal oyag 3x
( Ou ) asal oyag ( Hey ) asal oyag

Yeuh tah ( huha ) , asal oyag ( huha )
Jeung sundanis ( huha )
Anu Cute  jeung manis ( huuha )

So So sorry lamun rada narsis
Tong heran mun kuring di kuriling
ku nu gareulis
naha pedah kuring lucu atau kuring ngetop
loba nu gareulis ngarudag marake tanktop
memang ceunah mah ceuk batur awak kuring geundut
tapi anu penting beungeut kuring
tah leuwih cute !

lainna sombong unggal poe asup tipi
loba nu menta poto bareng
sok rasa aing ngimpi
bim salabim (heyy) abrakadabra
ulah era (heyy) nu jadi urang sunda

hey pamuda pamudi lain saukur ngimpi
kudu loba akal terus nyieun kreasi
tuh tinggali mah cara siliwangi squad
najan sederhana nu penting mah asal oyag

Reff 2x
Ou a o a o asal oyag 3x
( Ou ) asal oyag ( Hey ) asal oyag

Seueur artosna, seueur nu barogoheunna
Seueur wargina, seueur rerencanganna
Ditilik disidik sidik gaya abdi mah nyentrik
Mun parah pasti asik
di peuncet mah ngaguik

Teu kedah make pelet
cobi anjeun ceunah meletet
Saurna mah abdi kasep
wanoja ge seueur nu mepet

Lamun hoyong janten artis
sakedik mah wios narsis
Supados engke janten awis
kapayunna moal garatis

Hayu urang semangat hirup geura manfaat
Ulah dugi ka malarat dunya akhirat
Hayu urang juara ulah ukur carita
Sadayana laksana hirup sejahtera

Ulah janten adigung
jadi jalma anu luhung
Kudu bisa jadi payung
sangkan hirup anjeun nangtung

Yeuh dangukeun, dangukeun carita
carita kadua lalakon kaula
nyaeta pamuda di tatar sunda
anu boga keneh seni jeung budayana

Reff 2x
Ou a o a o asal oyag 3x
( Ou ) asal oyag ( Hey ) asal oyag

yeuh, boga lakon seueur artosna
pinter, bageur, keren,
wanoja ge barogoheun
hatur nuhun ka sadayana
asal oyag… tahhh

.


.

.

.

Upami aya nu lepat koment nya baraya
Tonk hilap follow

Facebook || Twitter || Instagram

Tidak ada komentar:

Posting Komentar